Contoh Puisi Sunda | Agustusan

AGUSTUSAN
KI S. WS.

merahputih nu kiwari mumbul
dirangkul ku langit paul
baheula kungsi ngelebet
dina tungtung bayonet
katut peujit murilit

harita
sagala-gala walatra
walatra pait-peuheurna
walatra renghap-ranjugna
walatra pati-huripna

taya nu medengkreng nulak cangkeng
taya nu paseukeut-seukeut sihung
taya nu kadedemes mangpang-meungpeung

poe ieu paragpag gapura
bangun nu paheula-heula nanya
ayeuna andika rek ka marana ?


Ciamis, 170876


Category Article