Pantun Sunda, Pantun Lebaran (Boboran) Bahasa Sunda

Pantun Sunda, Pantun Lebaran (Boboran) Bahasa Sunda

ngaborong doran jeung hayam
diparaban sampeu atah
wilujeng boboran siam
mugi urang wangsul fitrah

boh bilih ngical kalapa
candakna nganggo carangka
boh bilih kalindih murka
muga kersa ngahampura

boh bilih ka Sukajadi
ulah hilap meser roti
boh bilih kalangsu dengki
muga kersa ngamaklumi

salami di Sukajadi
teu ningalkeun kuring salat
Salami urang pahir
urang silih pundut maaf

lamun kuda mirip itik
loba jalma lalumpatan
salami urang kumelip
tangtos seueur kalepatan

cecendet mande kiara
dijualan make panci
mugi kersa ngahampura
kuring kungsi ingkar janji

mun cecendet mande kiara
gera cokot hiji-jiji
mugi kersa ngahampura
kuring kungsi nganyenyeri

mun indit ka Sukmanah
ulah poho ka Pa Lurah
mugi anjeun jembar manah
sabab kuring niat pasrah

hirup kumbuhna manusa
tangtu kungsi haramjadah
kuring pasrah tumarima
laku lampah teu merenah

meuli kacu ejeung gincu
mawana bari disuhun
rumasa ngagugu nafsu
matak kuring nyuhun ampun

mun indit ka Ujungberung
bari mawa awi tali
rumasa kungsi ngaberung
mugi Gusti kersa nampi

sumber : herdipamungkasred.wordpress.com


Category Article , ,