Puisi SUNDA Etti RS | SURAT KEUR KENNY G.

SURAT KEUR KENNY G.
Etti R.S.

Ku peurih hinis nu nurihan ati
basa mireng saksofon 'na lagu Forever in Love
asa nahnay raga bet teu walakaya
kurnalayang lelembutan
ka behditueun awang-awang rasa
ngarumpakaan lagu nu ngagalindeng 'na dasaring batin
ku tingtrim eta hariring
lir angin nu ngaharewoskeun lagu asih
asih nu tumuwuh 'na palataran implengan
lalaunan rasa lewang narembongan
lapat-lapat ti unggal tungtung panyawangan
tinggarupay kekembangan
tinggarupay panglamunan
duh, lagu nu nembus ka luhureun uwung-uwung
jumeritna nurihan panineungan
basa anjeun niupkeun pungkasan lagu kaendahan

Gandaloka, 1994


Category Article