SAJAK SUNDA - LAGU PUJA LEMAH CAI

LAGU PUJA LEMAH CAI
ODJI SETIADJI AR

lemah cai dewi nu numpi na ati
rumbaykeun katingtrim kana dada
pamayang nu mulang tengah janari
guyurkeun subur ka unggal hate
patani nu mulang na layung sore

lemah cai dewi nu ngaraja ati
ranggeumkeun unggal rema timpuh
ka gunung-gunung subur kulawu
pereketkeun rekep keukeup ka
sawah sampalan huma emploh hejo

lemah cai mataholang sagala
unggal pajar anyar ngalahirkeun
jabang pahlawan
unggal poe weuteuh nitiskeun
sirung suhada bangsa perkasa

wahangan meulit
meulitkeun asih jati dina ati
ombak peuray meupeus
muyarkeun akar sewu angkeuhan

lemah cai panutan masket na hate
disinglar
dipaliaskeun
rek surud kanyaah kaheman
getih nu nyakclak tumbal meredih bela
rek ditagih
rek dibalitungkeun
pasini jangji lalaki


Sari, 1964


Category Article