Puisi Sunda Tentang Kehidupan | Kahirupan Mak Anah




Kahirupan Mak Anah
Eddo Sy

Mak Anah tukang surabi
sore subuh satia nganti nu meuli
satuhu usaha ngadago rijki
ceuk paribasa najan ngan payu sasiki

Ma Anah dagang surabi
teuing geus ngaliwatan pirang rewu janari
aya rame aya sepi
kauntungan heunteu pasti

“Ema oge lin teu hayang jiga batur
ema yakin rijki mah aya Nu Ngatur
ku kituna heunteu kudu jadi catur
gede leutik ema tetep ngucap sukur”

Ma Anah tukang surabi
satia usaha nganti nu meuli
rek rame rek sepi
tetep sumujud ka Gusti.


Category Article