Sajak Sunda Ramadhan | Peuting Nuzulul Quran I

PEUTING NUZULUL QUR'AN I
Etti R.S.

'na trotoar milang lengkah neuteup bentang
sanggeus beueus ku hujan dua rintakan
hawar-hawar sora adan beulah wetan
awor jeung klakson angkot, motor, jeung sedan
indung peuting nu ngalimpudan bulan
lir sweater nu mulen awak maranehna sisi jalan
atawa palekat nu marengan nganti karidoan:
kauntungan ti Pangeran
bareng jeung nu dipiharep ku galandangan
bareng jeung harepan nu tingrariung sisi jalan

Peuting nu dianti pinuh kaasih
awor jeung rumahuh ngemu.kapeurih
`na trotoar batin ceurik elah-elih

Bandung, Ramadhan 1994


Category Article ,