Kumpulan Sajak Sajak Sunda | AYEUNA MANGSANA

AYEUNA MANGSANA
Kis. Ws.

nyeri peurih
nyeueung keretas ngagebar
daptar kalaparan
nu ditulis
ku cipanon

waruga manusa
begang-regeng
tingkorondang
dipirig ku lengisna
budak yatim
umat nagara merdika !

eta leungeun deungeun
ngaragamang
rek maksa-pirusa
nyontang Irian
tempat cendrawasih midang

kanca ! sageuy rek dengdeng
reheng pagetreng
silih herengan
atawa basilat
ngeduk hak rayat

tur anjeun nyaksi
yen bangsa jeung nagara
kiwari
jeroning sangsara
jeung bahla
bosen ngagorowok
sing gulung-golong
sabilulungan
tapi mun teu kiwari
rek iraha deui ???


Tina Kanjutkundang



Category Article