SAJAK SUNDA KIS WS - TEKAD

TEKAD
Kis. Ws.

nyoreang ka alam tukang jaman tandang ku pakarang
prang-pring bambu runcing; maju rampak ngabedah bentenq
maju... maju...! malar buru-buru cunduk ka peuntas ditu
ka taman endah nu marakbak tembong bangun teu anggang
panyileukan umat nu lapar ku kawibawaan jeung kaadilan

kiwari geus meh sapuluh taun kebat lumampah
nyorang jalan nu teu diamparan ku kembang
maju bari nahan kanyeri nincakan karikil seukeut
tapi itu taman panyileukan bet masih jauh, semet tembong
lapat lapat
ya robbi ! sihoreng bet tembong gelor ...

rombongan nu asal rempeg ngahiji sabilulungan
ayeuna aya nu misah ngadon leumpang sasamayan
sawareh geus robah kiblat, kabengbat ku nu ngalalar saliwat
tapi nu bedas tekadna, leuwih suka rubuh tengah jalan
tibatan mengkol elodan, atawa mulang ngaligincing lantaran
kecing
bari yakin yen mungguh tangkal ros rimbil ku cucuk
sarta nu jejerih kacugak, mo laksana bisa metik !

dalah ieu di saparat-parat jalan nu keur disorang
tembong getih ucrat acret tapak-lacak nu ti heula
mangrupa bukti sajarah perjoangan nu natrat tan kena pegat
ana kitu :
mun ieu jalan kiwari kudu dicirian deul ku cipanon jeung
getih '
taya basa geusan ngarasula
dapon percaya yen di ahir pasti bisa cunduk ka peuntas ditu
laksana bisa ngambah taman endah panyileukan beurang
peuting :
kawibawaan nu walatra amisna keur sarerea !


Tina Kanjutkundang


Category Article