Puisi Ulang Tahun Bahasa Sunda | Tini Kartini

ULANGTAUN
Tini Kartini

( keur mojang nu niup lilin)

Lilin hurung 17 siki
dibarung imut pangrungrum
dunya kiwari nu kami
ulang taun pinuh kembang

Lilin nungtut tambah hiji
diiring imut karisi
dunya kosong ngan dirina
ulang taun teu sangka nyiksa

Bandung, 29-10-'59
Tina Kanjutkundang


Category Article ,