SAJAK SUNDA - EMBAT-EMBAT

EMBAT-EMBAT
Olla S. Sumarnaputra

(Katineung ti kuring ka kuring patali
mangkukna 6 Agustus ulang taun )

Rek ngeumbing-ngeumbing ka mendi
rek muntang-muntang ka mana
rek nete da sieun semplek
rek nincak da sieun semplak
mundur jurang maju jungkrang
sagala lampah kapahung
katineung samar kasorang

Hayang nyorang nyanding peuting
lugina ngawasa beurang
sugema kuma ceuk hate
da hate tara kabandang
najan raga dipanjara
dikerem tur ditalikung
mo kahalang kumelendang


Tina Kanjutkundang


Category Article