Contoh Sajak Sunda | Sareupna di Padesan Sunda

SAREUPNA DI PADESAN SUNDA
Kis. Ws.

layung kuning teu matak resmi
marakbak panas ngarerab
mojang desa geus teu bisaeun imut
ah ! ah! sareupna lawang siksaan

malakamaot ngabring marengan peuting
godogan timah ti naraka jahanam panas ngagolak
tapi geus taya umat ceurik jumerit
da rek ngajerit, taya tanaga
rek ceurik, cipanon garing

itu panon-panon surem carelong
waruga nu ngan tinggal kulit + tulang
hamo mampuh mareuman seuneu naraka

tapi mun ieu padesan
geus robah jadi rumahgila
endahna layung jeung imutna mojang desa
baris pulih sabihari.........


Tina Kanjutkundang


Category Article ,