PANEJA | Sajak Sunda Etti RS

PANEJA
Etti RS

Di antara rajegna gedong saligrong
kuring micangcam saung jangkung
pikeun nyawang ka sakuriling tangtung
di antara gurilapna sarwa permata
kuring hayang ali suasa
keur sosoca mun diri keuna ku bahla
Gusti,
tan wilangan renebna pangeusi dunya
ngan sahiji nu ku kuring dipiseja:
kasakten ngayonan napsu durjana!

Bandung,1995


Category Article