'Na Tetelar Taun Anyar | Etti RS

'NA TETELAR TAUN ANYAR
Etti RS

Naon deui nu rek digalindengkeun ku urang ayeuna
lagu cinta, lagu liwung, atawa hariring cikahuripan ?
antara rasa jeung mangsa
sihoreng taya lalangse nu masinikeun poe
atawa antara tangtung jeung wuku
ukur kaitung ku ketugna jajantung

Naon deui nu rek digurit ku urang `na tungtung langit
sanggeus bentang nu tingkaretip nungtut laleungit
asmarandana, maskumambang, atawa durma?
sabab antara karisi jeung tiiran wanci
lir angin jeung hiliwirna
antara subaya jeung cidra
lir kadeudeuh jeung geugeutna

Mending urang nganggit dangding
bari ngaroris caangna bulan
nu ngempray 'na peuting tingtrim
susuganan urang weruh
mun kalebuh di laut nu liuh
atawa urang nataan rumpaka
nu patoleksak dina kaca-kaca mangsa
susuganan urang salse
sabada tipoporose ti poe ka tungtung poe

Naon deui nu rek digalantangkeun ku urang ayeuna
sanggeus raga dibabandan kala?

Bandung, Januari 1995


Category Article