Sajak Etti RS | TANDON

TANDON
Etti RS

keur nu miang ka Bosnia

Ti dieu kuring mentangkeun tekad
rek maser angen-angen nu telenges
nu ngagunasika papada manusa
bongan urang diwaris wawanen
pikeun tandang nanjeurkeun ajen-inajen

Dagoan kuring hey nu ngarakrak dunya!
urang padungdung najan tacan kungsi tepung
balitungan bebeneran
'na ugeran kayakinan
urang tepung di gunung nu pinuh ku silalatu
urang amprok di lengkob nu sesa pelor

(Tan pakarang inyana miang
ukur ketug jajantung nu ngaberung
jeung galura jeroeun dada
basa aya beja di Bosnia juuh cimata

Anjog inyana ka lemah nu pasolengkrah
sarta gedong sigrong nu parongpong
bacacar tapak awak disasaak
"Nun Gusti, 'na saha nu ngawasa eusi langit?" gerentesna

Leumpang mapay jalan jeung gang-gang
bari ngamang-ngamang lalayang harepanana
"Hak asasi ngancik di mendi
mun manusa lali ka purwadaksi" tulisna

Koneng umyang tetempoan
basa awakna pinuh getih baloboran
dibokong ti tukang ku pelor nyangsang
leungeunna pageuh nangkeup lalayang
biwirna imut marengan miang)

Bandung, Januari 1995


Category Article