SAJAK BAHASA SUNDA | HIJI DUNYA

HIJI DUNYA
Etti R.S.

Kuring hayang cicing di hiji dunya
dina kasatiaan laut jeung katiginan langit;
nu surti nampa cinyusu jeung kolomberan,
nu ayem kasaput mega jeung reueuk
antara ombak rohaka jeung hiliwir angin
saestuna aya geter angen-angen
ari mega hideung jeung gumilang bentang
tepung dina ringkang jeung kahayang

Kuring hayang cicing di hiji dunya
dina kaihlasan tur kaasih bumi;
nu nebarkeun sugrining binih tutuwuhan,
nu sadrah nadah sarwaning tapak
antara kuring jeung tutuwuhan
saestuna ukur nganti kaasih Pangeran
antara kuring jeung pirang-pirang tapak
tepung 'na pirang-pirang talajak

Kuring hayang cicing di hiji dunya
nu ngagumulungkeun bentang, ombak, jeung tapak
kuring hayang cicing di hiji dunya
samemeh nohonan panggupay Anjeunna

Bandung Kaler, Oktober 1999


Category Article