Sajak Sunda Paturay | Surachman RM

PATURAY
Surachman RM

hiliwir angin leutik kamari
gumeterna masih ngancik, dangdaunan
nu ngalakay hiji-hiji
teu kaburu pamitan ka dahan

najan geter laun-laun leler deui
itu tangkal tetep ngaheruk leungiteun
ari ieu hate can metu nalukkeun diri
turta anjeun lain topan handaruan

poe nu ngabetrak-betrak
jang kula tambah nyangsara
can nyaho isukan hujan rek datang

leuwi ati hanaang saat ngoletrak
pikiran ka anjeun mo suda-suda
najan hujan jeung topan tandang


jalan gajah katompernakeun 1954
Tina Langensari No. 40, Taun ka II 1965


Category Article